Kadaharan Sunda
Across
- 3. : kadaharan nu ilahar di Sunda, dijieun tina aci sampeu, dibumbuan tuluy digoréng.
- 4. kadaharan nu amis-amis dijieuna tina ketan dicampur cipati, digodog nepi ka liket, diwangunna dikeureutan atawa diemple-emple dumasar kahayang.
- 8. kadaharan anu rasana amis, dijieunna tina tipung ketan atawa béas dicampur gula beureum jeung cipati, ngasakanana digoréng, bagian luarna garing jerona rada hipu.
- 9. kadaharan anu dijieun tina tipung sagu tapioka, gula bodas, koneng, endog vanili, cipati kentel, daun pandan, kulit jeruk purut, jeung minyak goreng, stawa pawarna koneng. Disebut ogé bika ambón.
- 11. sabangsa kueh nu rasana amis, dijieunna tina tipung béas, dicampur santen jeung gula kawung, wangunna buleud, tengahna rada munuu, ngasakanana digoréng.
- 12. kadaharan tina tipung beas, diseupan, boh digulaan boh henteu, biasana sok dipurulukan kalapa.
- 14. kadaharan nu dijieun tina béas anu digigihkeun heula, sok dikalapaan atawa dicipatian. Dibungkus ku daun cau dibuleudkeun saperti lontong ngan parondok sagedé cau raja siem, tungtung daunna ditilepkeun tuluy diseupan.
- 16. kadaharan anu wangunna buleud siga kaléci, di jerona aya gulaan, dipurulukan parud kalapa, dijieunna tina ketan.
- 17. : sarupaning kadaharan anu rasana amis dijieunna tina tipung béas (tarigu) dicampur gula bodas, di tengahna maké cau, dibungkus ku daun cau, ngasakanana diseupan.
- 18. kadaharan sabangsa leupeut, dijieunna tina beas meunang ngagigihan, biasana maké jeroan mangrupa daging ragot (daging jeung sayuran), dibungkus ku daun awi atawa daun hanjuang bodas
- 23. : kadaharan anu dijieun tina sampeu atawa béas ketan. Cara ngolahna diseupan terus diragian. Sanggeus diragian tuluy dibungkusan ku daun jambu, daun waru atawa daun tisuk.
- 24. lontong gede (kadang-kadang nepi ka sagedé congo bitis) saperti anu aya di tukang tukang soto atawa kupat tahu. Tapi di sawatara daerah nu disebut bongko teh sabangsa lontong anu gepeng, malah digepokkeun, sagepokna dua, patangkod-tangkod ditahan.
- 25. kadaharan anu dijieun tina béas meunang ngisikan, diwadahan kana daun kalapa meunang nganyam, ngawangun pasagi opat, diolahna dikulub.
- 26. : kadaharan anu dijieun tina jagong kolot beunang nyangray, rasana amis, wangunna dibuleud-buleud sagedé bal tenis
Down
- 1. kadaharan anu dijieunna tina tipung ketan, dikeureutan dikotak-kotak, diwarnaan hideung, dicampur parud kalapa.
- 2. kadaharan sarupa wajit tina tipung ketan, dibungkusna busana ka upsh atawa kararas
- 5. kadaharan anu dijieun tina béas ceré atawa ketan dibungkus ku daun cau atawa daun kalapa (leupeut ketan), tungtung daunna ditilepkeun, bungkusna rada dibakutet ku tali awi, sok aya nu dikacangan, ngagodogna alusna mah maké cai apu,
- 6. kadaharan tina tipung béas dicampur gula beureum, dicampur kalapa ngora meunang ngerok, dipincuk ku daun cau, ngasakanana diseupan.
- 7. kadaharan nu dijieunna tina parud sampeu, di jerona maké gula beureum. dibungkus ku daun cau.
- 10. kadaharan nu rasana amis, wangunna buleud siga ali agrem, dijieunna tina tipung ketan hideung, ngasakanana digoreng, meunang ngagoréng diasupkeun kana kinca gula bodas.
- 13. kadaharan nu dijieunna tina tipung béas dicampur cipati, dibungkusna ku daun cau, ngasakanana diseupan.
- 15. agrem: kueh cingcin, kadaharan anu dijieun tina tipung beas, kalapa parud sangray, uyah, gula bodas, gula beureum, cai, jeung minyak
- 16. sabangsaning kadaharan anu dijieunna tina hui boléd anu disiksikan aripis panjang, digoreng, satuluyna diasupkeun kana adonan gula beureum, wangunna biasana buleud saperti ranginang.
- 19. : kadaharan anu bahan dasarna tina peuyeum sampeu. Cara ngolahna ku cara diseupan, diwadahan kana loyang
- 20. kadaharan nu dijieunna tina seupan sampeu, tuluy ditutu sina lemes atawa digiling, dicampur gula, sarta dipurulukan parud kalapa.
- 21. kadaharan nu dijieunna tina tipung ketan bodas atawa ketan hideung beunang ngagoréng, dibalur ku kinca gula beureum.
- 22. kadaharan nu dijieun tina tipung jeung cipati, ngasakanana dina citakan